sajak sastra sunda terlengkap 2015
Assalamualaikum'Wrb.
Hai,, sahabatku semuanya, kami d sini menuliskan sajak sastra sunda terlengkap dan mudah-mudahan dapat bermanfaat bagi semuanya yang membaca, diantaranya sajak-sajak sunda yang kami tulis:
Pikeun Hiji Ringkng Nu Ngebarken Duriat
sasari
saperti nu kungsi kajudi
liliwatan
ngawujud durukan
kecap geus diseumat
unina kawinlumengis
sesakesang ges ucutan
kasaweur angin balitungan
kamari
saperti nu kungsi kajudi
pakarangan
angkeubna keukeupan
Sagagang Kembang
nu mancur sabot rumenghap
naon atuh
lamun jinisna ukur sesebitan mangsa
rupa saulas warna
kasaweur hieum langit kalawu
boa ieu totonden hade atawa ukur panumbu pikir
memeh jati diranjah junti
sagagang kembang
cinta nu kalangsu
nyesakeun laksa karempan
Sewang Lampah Hj. Amalina Nurrohmah
Dina jemplingna peuting, ngaherang neutup lalangit
Kacipta tangtuna nu dipimelang nu lawas teu mirosea
Imut manis ngagupay ngembang cipanon
Hate nglembar, marengan geterna asih nu manteng
Dina kumambangna rasa teu daya, teu wasa
Nyidem gunem, boa, urang bakal pegat simpay
cukang awi pameuntasan geus ngabentang
pikeun liliwatan urang, nu bakal pisah di pengkolan
Urang pada sewang lampah milih jalan
Mulang deui ka sarakan banjar karang pamidangan
Najan beurat kudu pisah bonganna geus ngarangrangan
Batan leumpang rarampayakan, urang pilih jalan buntu
Urang tutup lalangse hate, jeung tibatan urang cape
Iyeu imut nu pamungkas mulas rasa keur mepende panasna poe
sugan bae bisa tingrim, najan asih teu sumanding
Hampura kalangkang rasa, muga urang bisa tibra ngeusian jemplingna peuting
Sekian sajak sunda yang dituliskan dari kami, sesudahnya kami ucapkan terimakasih bagi sahabat yang membaca. wasalam...
sajak sastra sunda terlengkap 2015
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 Responses to “sajak sastra sunda terlengkap 2015”
Posting Komentar